Postingan

Purwakarta Gaduh Kasenian Khas?

Gambar
Seni ieu mangrupakeun hasil karya cipta para  seniman Purwakarta. Mimitina, carulung ieu mangrupakeun seni kreasi khas masyarakat kampung cikopak, purwakarta, anu mangrupa seni tradisi lisan. Nyaah na, wargi purwakarta kirang apal ngenaan kasenian carulung ieu. kasenian ieu diciptakeun di situasi usum paceklik. Basa eta para patani nyieun sosoraan tina awi pikeun ngusir hama manuk anu hihiberan nèang parab. Anu tangtuna parè anu geus ngonèngan jadi sumber parab manuk. Bisa waè kasenian carulung ieu magrupakeun rasa syukur ka gusti Allah. sairing berjalan na waktos jeung parkembangan jaman, khususna kasenian di Jawa Barat, Carulung mulai ditinggalkeun, komo deui tokoh seni Carulung tos mulang. Taun 1928 Kasenian Carulung mulai di pohokeun di kalangan masyarakat. kasenian anu tos dipohokeun ieu, akhirna digali deui ku para mahasiswa mahasiswi anu asalna ti Insitut Seni Dan Budaya Indonesia Bandung (ISBI). Carulung akhirna barubah anu asalna sakedar alat anu dipakè jeung ngusir manuk...