Purwakarta Gaduh Kasenian Khas?



Seni ieu mangrupakeun hasil karya cipta para 
seniman Purwakarta. Mimitina, carulung ieu mangrupakeun seni kreasi khas masyarakat kampung cikopak, purwakarta, anu mangrupa seni tradisi lisan.

Nyaah na, wargi purwakarta kirang apal ngenaan kasenian carulung ieu.

kasenian ieu diciptakeun di situasi usum paceklik. Basa eta para patani nyieun sosoraan tina awi pikeun ngusir hama manuk anu hihiberan nèang parab. Anu tangtuna parè anu geus ngonèngan jadi sumber parab manuk. Bisa waè kasenian carulung ieu magrupakeun rasa syukur ka gusti Allah.

sairing berjalan na waktos jeung parkembangan jaman, khususna kasenian di Jawa Barat, Carulung mulai ditinggalkeun, komo deui tokoh seni Carulung tos mulang. Taun 1928 Kasenian Carulung mulai di pohokeun di kalangan masyarakat.

kasenian anu tos dipohokeun ieu, akhirna digali deui ku para mahasiswa mahasiswi anu asalna ti Insitut Seni Dan Budaya Indonesia Bandung (ISBI).

Carulung akhirna barubah anu asalna sakedar alat anu dipakè jeung ngusir manuk jeung kajenuhan, jadi alat musik anu dihijikeun jeung alat musik lain saperti Gemyung, Bedug, goong, jeung alat musik lainna sahingga ngahasilkeun sora jeung irama musik anu sae.

Kasenian carulung akhirna muncul deui ka lingkup masyarakat kp. Cikopak desa Mulyamekar ku seniman ngora Cikopak nyaeta Kang Apud ( Syarifuddin ) jeung sakelompok mahasiswa mahasiswa KKN ISBI BANDUNG.

Berkat Kang Apud sareung mahasiswa mahasiswi KKN ISBI Bandung akhirna kacipta alat musik Carulung, Carulung ieu mimiti na ditampilkeun pas pileleuyan KNN taun 2015.


Ninggal ti tradisi lisan anu turun temurun, seniman Purwakarta akhirna ngabentuk kasenian èta jadi sabuah seni pertunjukan.


Taun 2015, seniman Purwakarta ngabentuk tubuh fisik ti alat musik ti awi ieu ngarancang konsep panggung jeung kabutuhan visualisasi.


Akhirna seni tradisi ieu berubah jadi sabuah seni pertunjukan anu pinuh ku ritme jeung gerakan tari. Seni Carulung ieu akhirna jadi seni khas Purwakarta.


diserat ku : Fitria Srirahayu

XII MIA 3

Komentar